Pang lemahna iman…
Ceunah saurna, gerentes hate nyaeta panglemah-lemahna iman. Gerentes hate nu kumaha heula? Gerentes hate ningali sarupaning anu bengkok, teu wani ngaleumpeungkeun, bati ngagorowok dina hate! Teu aya tangan pangawasa, seueur ku kasieun. Seueur ku hariwang anu matak macok kana waraga sorangan. Kumaha lamun urang aya kahayang, bati dijero hate wae, kahayang anu kaetang mulya, nepi sirik ningali batur ku tiasa ngalaksanakeun, naha ieu kaetang iman oge?
Sirik ka batur kusabab tiasa ngaendahkeun indung bapa? Duh..sok nalangsa ari ningali awak sorangan, lamun dibeberkeun mah can tiasa ngabales sagala kasaean sareng pengorbanan indung bapa, bapa tos ngantunkeun..tinggal indung sabeulah..bari ku seueur panyakit. Bati ngagerentes dina hate, pinuh kudu’a. “Duh gusti…anu Maha Ningali sareng Ngadangukeun gerentes hate abdi, mugi maparin kabagjaan dunia akherat ka aranjeunna, indung nu ngandung bapa nu ngayuga. Kahoyong teu tiasa disebat, kuageung saageung gunung tapi teu aya tangan pangawasa. Moga-moga sanajan masih gerentes hate, tapi niat sim kuring jadi saksi. Aamiin!”
Kangge mamah, hapunteun Ai ya Mah, moga-moga mamah sehat……..mamah anu ngartos kana kaayaan, masih keneh kieu lamun di telephon teh : ”Keun ku mamah dido’akeun sakabeh anak incu, tong mikiran mamah, mamah mah jagjag!”
Aamin, sanajan tos 2 tahun teu papendak, tapi du’a urang sigana unggal dinteun pateupang. Pidu’ana ya Mah….